Siswa SMA Informatika Ciamis Juara 2 Sayembara Video Pondok UNPAD


Siswa SMA Informatika Ciamis Juara 2 Sayembara Video Pondok UNPAD

SMA Informatika Ciamis - Sayembara Video Pondok Basa Sunda anu digelar ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDP-BS) Universitas Padjadjaran geus lekasan.

Dewan juri anu diwengku ku Abdul Hamid, Asép Supriatna, jeung Téddi Muhtadin ahirna mutuskeun para pinunjulna.

Khanha Shandhika (SMA Negeri 3 Bandung), kapilih minangka pinunjul kahiji. Disusul ku Wandi Kuswandi (SMA Informatika Ciamis) minangka pinunjul kadua, jeung Tuti Alawiyah & Tita Nurhayati (SMAN Cimanggung) minangka pinunjul katilu.

Dewan juri ogé milih 6 pinunjul satata, diantarana Azna Pitaloka Janearry (SD Negeri Penggilingan 01 Jakarta), Farhan Syarif Bustaman (MA Unwanul Falah Sentul), Galuh Nur Wahid (SDN 2 Maleber), Hani Pertiwi (SMPN 3 Pandeglang, Banten), Muhammad Faiz Fadhilah (SMP Negeri 1 Pagerageung, Tasikmalaya), jeung Syifa Alliyah Salsabila (SMK Negeri 9 Bandung).

DIHANDAP IEU MANGRUPA BEJER PANGAJEN TI DEWAN JURI SAYEMBARA:

Alhamdulillah Sayémbara Vidéo Pondok Basa Sunda nu dilaksanakeun ku Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda (PDP-BS) Universitas Padjadjaran meunang pangbagéa ti murangkali sakola ti SD, SMP, nepi ka SMA.

Dina tanggal 16 Méi 2020, panitia masrahkeun daftar karya vidéo para pelajar anu jumlahna 411 pikeun dipeunteun ku girang pangajén.

Sabada dibandungan, diimeutan, tur dibanding-bandingkeun, girang pangajén nangtukeun dua puluh nominasi anu hasilna dipadungdengkeun dina rapat girang pangajén sacara daring dina tanggal 19 Méi 2020.

Dina éta rapat ditangtukeun dua puluh nominasi, ditetepkeun Pinunjul I, II, III, sarta ditetepkeun Pinunjul Satata anu jumlahna genep karya.

Sacara umum girang pangajén ngabandungan yén karya para pelajar téh luyu jeung tetekon anu ditetepkeun ku panitia, boh dina basa nu digunakeunana, boh durasi waktuna.

Kitu deui tempatna nu lain di nu ramé. Ngan ukur hiji dua karya baé nu kaluar tina katangtuan. Di sagigireun éta, girang pangajén ogé ningali yén karya para pelajar téh kacida motékarna (kréatifna), boh dina milih topik boh dina garapanana sacara filmis.

Vidéo Wandi Kuswandi ti SMA Informatika Ciamis ngagambarkeun kahirupan rumaja di padésan dina bulan puasa mangsa pandemi.

Imah panggung di antara imah-imah séjénna, lentong nyarita para palaku anu mandiri mampuh ngagambarkeun susasana anu tiiseun.

Anu nyongcolang dina ieu vidéo nyaéta garapan téhnisna: cut to cut atawa pindahna gambar nu hiji ka nu séjén istuning lemes tur ngaguluyur.

Kitu deui dina midangkeun flach back istuning kontras tur méré pangdeudeul kana gemblengna ide carita. Ku kituna, vidéo Wandi Kuswandi, SMA Informatika Ciamis, ditetepkeun jadi Pinunjul ka-2.

Wandi Kuswandi, SMA Informatika Ciamis: https://youtu.be/oPoKHBeuvyY

Sumber: Panjalu.net